Sony Xperia M2 Aqua - Widget

background image

Widget

Widget teh mangrupakeun aplikasi leutik nu tiasa dipake langsung ku anjeun di Layar

Utama. Widget oge gaduh pungsi minangka potong kompas. Contona, widget Cuaca

ngidinan anjeun nempo inpormasi cuaca dasar langsung di Layar Utama anjeun. Tapi

upami anjeun ngetok widget, aplikasi Cuaca lengkep kabuka. Anjeun tiasa ngundeur

widget tambahan ti Google Play™.

Nambahkeun widget ka layar Mimiti

1

Toel jeung tahan hiji widang kosong di Layar Utama Anjeun nepi ka alatna

ngageter, terus ketok

Widget & Aplikasi.

2

Panggihan jeung ketok widget nu ku Anjeun hayang ditambahkeun.

Pikeun ngaganti ukuran widget

1

Toel jeung tahan widget nepi ka kapilih, teras leupaskeun widgetna. Lamun widget

bisa diganti ukurana, contona, widget Almenak, pigura nu disorot jeung titik ngatur

ukuran bakal ditembongkeun.

2

Sered titik-titik eta ka jero atawa ka luar pikeun ngaleutikan atawa ngagedean

widget eta.

3

Pikeun mastikeun ukuran anyar widget eta, ketok di mana wae dina Layar Utama.

Pikeun mindahkeun widget

Toel jeung tahan widget nepi ka kapilih, teras sered ka lokasi anyar.

Mupus widget

Toel jeung tahan widget nepi ka kapilih, teras sered ka .