Sony Xperia M2 Aqua - Setelan kamera poto

background image

Setelan kamera poto

Ngaluyukeun setelan kamera poto

1

Aktipkeun kamera.

2

Jang mintonkeun kabeh setelan, ketok .

3

Pilih setelan nu anjeun hoyong saluyukeun, terus edit nu dipikahoyong.

Langlangan setelan kamera poto

Resolusi

Pilih diantara sababaraha resolusi jeung rasio aspek sateuacan nyandak poto. Poto nu

resolusina leuwih gede butuh memori nu leuwih gede.

8MP

3264×2448(4:3)

Resolusi 8 megapiksel make rasio aspek 4:3. Cocog jeung poto nu rek ditempo dina layar rupek atawa

dicitak dina resolusi luhur.

5MP

3104×1746(16:9)

Ukuran gambar 5 megapiksel make rasio aspek 16:9. Cocog jeung poto nu rek ditempo dina layar nu teu

lega atawa dicitak dina resolusi luhur.

2MP

1920×1080(16:9)

Resolusi 2 megapiksel make rasio aspek 16:9. Cocog jeung poto nu rek ditempo dina layar lega.

2MP

1632×1224(4:3)

Resolusi 2 megapiksel make rasio aspek 4:3. Cocog jeung poto nu rek ditempo dina layar rupek atawa

dicitak dina resolusi luhur.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

Pangatur waktu otomatis

Make pangatur waktu otomatis anjeun bisa motret sorangan tur teu kudu nyekel alat.

Pake ieu pungsi jang nyokot potret-diri atawa poto grup supados sarerea aya dina poto.

Anjeun oge bisa make pangatur waktu otomatis upami Anjeun hoyong kamera teu oyag

lamun keur moto.

Hurung (10 detik)

Setel jeda 10 detik ti mimiti layar kamera diketok nepi ka poto dicokot.

Hurung (2 detik)

Setel jeda 2 detik ti mimiti layar kamera diketok nepi ka poto dicokot.

Hurung (0,5 detik)

Setel jeda setengah detik ti mimiti layar kamera diketok nepi ka poto dicokot.

89

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pareum

Poto dicandak langsung sanggeus Anjeun ngetok layar kamera.

Smile Shutter™

Pake pungsi Smile Shutter™ jang nangtukeun jinis keom nu kumaha nu bakal dipake

kamera jang nyandak poto.

Modeu Pokus

Pungsi pokus ngadalikeun bagean mana dina poto nu kudu jelas. Sawaktos pokus

otomatis terus dihurungkeun, kamera bakal terus nyaluyukeun pokus supados

wewengkon nu aya di jero pigura pokus tetep tajem.

Pokus otmts hiji

Kamera sacara otomatis pokus ka subjek nu dipilih. Pokus otomatis terus dihurungkeun. Toel jeung tahan

layar kamera nepi ka pigura pokus berobah warnana, nuduhkeun yen pokus tos disetel. Poto dicandak

sawaktos Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun.

Deteksi beungeut

Kamera sacara otomatis ngadeteksi nepi ka lima rupa manusa, ditandaan ku pigura nu aya dina layar.

Kamera sacara otomatis pokus ka rupa nu pangdeukeutna. Anjeun oge bisa milih rupa mana nu dipokuskeun

ku cara ngetok rupa eta dina layar. Sawaktos Anjeun ngetok layar kamera, hiji pigura berwarna mintonkeun

wajah mana nu dipilih sareng nu dipokuskeun. Deteksi beungeut teu bisa dipake kanggo sakabeh jinis

pamandangan. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Toel pokus

Toel area nu husus dina layar kamera pikeun ngeset area pokus. Pokus otomatis terus dipareuman. Toel

jeung tahan layar kamera nepi ka pigura pokus berobah warnana, nuduhkeun yen pokus tos disetel. Poto

dicandak sawaktos Anjeun ngaleupaskeun jari Anjeun.

Lacak objek

Upami Anjeun milih objek ku cara nyentuh dina viewfinder, kamera ngalacak objek eta kanggo anjeun.

Setelan ieu ngan sadia di modeu motret

Manual.

HDR

Pake setelan HDR (High-Dynamic Range / Kisaran Dinamik-Luhur) pikeun moto

ngalawan cahya tukang nu caang pisan atawa di kondisi kontrasna seukeut pisan. HDR

mere kompensasi kanggo wincik nu leungit sareng ngahasilkeun gambar nu ngawakilan

wewengkon nu poek sareng nu caang.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

ISO

Anjeun bisa ngurangan buremna gambar nu disababkeun ku poek atawa subjek nu

gerak ku cara ningkatkeun sensitipitas ISO. Jeung deui, lamun Anjeun hayang moto

gambar nu caang sanajan keur poek, Anjeun bisa nyetel sensitipitas ISO kana nilei nu

leuwih gede.

Otomatis

Setel sensitipitas ISO sacara otomatis.

100

Setel sensitipitas ISO ka 100.

200

Setel sensitipitas ISO ka 200.

400

Setel sensitipitas ISO ka 400.

800

Setel sensitipitas ISO ka 800.

1600

90

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Setel sensitipitas ISO ka 1600.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

Pangukuran

Pungsi ieu sacara otomatis nangtukeun paparan nu saimbang-sae ku cara ngukur cahya

nu ngahalangan gambar nu anjeun hoyong candak.

Tengah

Saluyukeun paparan ka bagean tengah gambar.

Rata-rata

Etang paparan dumasar jumlah cahya dina sadaya gambar.

Spot

Saluyukeun paparan di bagean gambar nu pangleutikna nu hayang dipoto ku anjeun.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

Pangajeg gambar

Sawaktos nyandak poto, nyekel alat sing ajeg teh tiasa wae jadi hese. Pangajeg

mantuan anjeun ku cara nahan gideg leungeun nu panglaunna.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

Tilik

Anjeun bisa milih jang nilik poto atawa video saenggeus Anjeun nyokot gambar.

Teu kawates

Panilikan poto atawa video nembongan saenggeus Anjeun nyokot gambar.

5 detik

Panilikan poto atawa video nembongan salila 5 detik saenggeus Anjeun nyokot gambar.

3 detik

Panilikan poto atawa video nembongan salila 3 detik saenggeus Anjeun nyokot gambar.

Edit

Poto atawa video langsung kabuka jang diedit saenggeus Anjeun nyokot gambar.

Pareum

Poto atawa video disimpen saenggeus Anjeun nyokot gambar, jeung moal aya panilikan nembongan.

Ngawawuhan raray

Anjeun bisa ngadapratkeun rarai dina aplikasi Kamera jadi kamera bakal otomatis pokus

kana rarai ieu pas rarai eta nembongan dina layar tempo heula.

Lampu kilat

Pake lampu kilat pikeun nyandak poto sawaktos kondisi pencahyaan kirang atawa

sawaktos teu aya lampu tukang. Pilihan di handap bakal sadia lamun Anjeun ngetok ikon

lampu kilat dina layar kamera:

Otomatis

Kamera sacara otomatis nangtukeun upami kondisi pencahyaan merlukeun pamakean lampu kilat.

Eusian flash

Pake setelan ieu sawaktos latar tukang leuwih caang ti subyekna. Setelan ieu mupus kalangkang

hideung nu teu dipikahoyong.

Pangurang panon beurm

Kurangan warna panon nu beureum sawaktos keur nyandak poto.

Pareum

91

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Lampu kilat dipareuman. Sakapeung kualitas poto bisa leuwih alus mun teu make lampu kilat, sanajan

dina kondisi poek. Nyandak poto tanpa lampu kilat butuh leungeun nu ajeg. Anjeun bisa make timer-

otomatis pikeun nyegah poto nu rumeuk.

Senter

Lampu kilat bakal hurung lamun Anjeun moto.

Pilihan pamandangan

Pake fitur pilihan Pamandangan jang nyetel kamera ku cara gancang jang situasi umum

make pamandangan nu geus diprogram samemehna. Kamera nangtukeun jumlah

setelan kanggo Anjeun supados bisa cocog ka pamandangan nu dipilih, mastikeun poto

pangsaena nu bisa dicandak.

Pareum

Fitur Pilihan Pamandangan pareum sareng Anjeun bisa moto sacara manual.

Kulit lemes

Cokot poto raray nganggo epek ningkatkeun kageulisan.

Motret lembut

Pake kanggo shooting poto di latar tukang nu lembut.

Anti gambar surem

Gunakeun jang ngaminimalkeun oyagan kamera pas nyokot gambar di kaayaan poek.

Lansekap

Pake kanggo poto bentuk lanskap. Kamera mokuskeun ka objek nu jauh.

HDR koreksi lampu tukang

Pake pikeun ningkatkeun wincik kanggo poto nu kontrasna gede. Koreksi lampu latar nu dipasang di

kamera eta nganalisa gambar tur sacara otomatis nyaluyukeun lampu tukang kanggo nyieun cahya

pamotoan nu sempurna ka Anjeun.

Potret peuting

Pake kanggo poto potret nu dicandak basa wengi atawa di lingkungan nu kirang cahaya/reueuk.

Kusabab waktu nampa cahaya nu rada lila, kamera kudu dijejegkeun atawa disimpen dina tempat nu

teu oyag.

Pamandangan peuting

Pake sawaktos moto basa wengi atawa di lingkungan nu kirang cahaya. Kusabab waktu nampa

cahaya nu rada lila, kamera kudu dijejegkeun atawa disimpen dina tempat nu teu oyag.

Sore keupeul

Pake jang nyandak poto nu motona dicekel ku leungeun bari rada poek jang ngurangan gambar

renyek tur rumeuk.

Sensitipitas luhur

Pake jang moto tanpa kilat di tempat nu cahyana kurang. Ngurangan rumeuk.

Gourmet

Pake jang nyokot gambar dahareun nu warnana caang.

Sato piaraan

Pake jang moto ingon-ingon Anjeun. Ngurangan rumeuk jeung mata beureum.

Basisir

Gunakeun jang moto pamandangan sisi laut atawa sisi situ.

Salju

Pake dina lingkungan nu caang pikeun nyegah hasil poto nu caang teuing.

Hajatan

Pake kanggo poto di jero ruangan dina lingkungan nu kirang cahayana. Pamandangan ieu nyandak

pencahayaan latar tukang di jero ruangan atawa cahaya lilin. Kusabab waktu nampa cahaya nu rada

lila, kamera kudu dijejegkeun atawa disimpen dina tempat nu teu oyag.

Olahraga

Dipake kanggo moto objek anu usikna-gancang. Waktu nampa cahaya nu pondok nyumputkeun

gerak nu kabur.

Dokumen

Pake kanggo poto teks atawa gambar. Mere poto kontras nu leuwih gede, leuwih tajem.

Mercon

92

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pake jang moto kembang api nu endah.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.